XtGem Forum catalog
1.. RUNGSing
hawar-hawar aya hariring,
melengking,
ngurilinganpeuting,
nurihan hate nu keur rUNGSing..........

Ratug jajantung,
ngarasa kaduhung sagede gunung,,
peurih ati, lir di geurihan ku hinis,,

kasaha nya rek muntang ?
kamana,neangan keur panyaluuhan ?

lieuk deungeun,lieuk lain ,
jauh kasintung kalapa,,

duh..,
beurat,kuring lumaku,
di tiung langit nu kulawu
di barengan poek nu ngawengku
hirup,ngan ukur kabawa waktu

tapi kuring tetep ngantosan
cahaya datang nyaangan jalan
nyingraykeun lalangse kahirupan
nungtun lengkah kanu rek karandapan
ya ALLAH Robbul izzati...!
mung kaGusti abdi nyalindung,
mung ka Gusti,abdi nyuhunkn pitulung ,

teu aya deui, anu di teda.,
mugi Gusti maparin HIDAYAH sareng INAYAH ,ka abdi jalmi anu lemah.

sareng pamugi,,Gusti namplokeun BAROKAH,
tina tiap tingkah sareng lengkah nu di pilampah...
AaMiin.....!!

jalmi laa'if
JEMBATAN LEUWILIANG
di jembatan leuwi liang,
kawitna urang patepang,

anjeun neuteup,
teuteup nu matak tembus kana jajantung

anjeun imut,
imut nu ngelet matak nyeredet kana hate

jembatan leuwi liang,
jadi tempat panggih urang

silih teutep ku kadeudeuh,

silih baledog imut ka asih,

silih patarema kanyaah,

silih mantengken rasa katresna

jembatan leuwi liang,
jeung ngaguruhna cai cikalang,
jadi saksi cinta urang.

di cutat ku jalmi laa'if
..NGALAMUN
waktu peuting,diuk nyorangan
abdi anteng ngumbar lamunan
emut ka anjeun,nu tos lawas teu patepang.

duh jungjunanan panutan ati
naha anjeun tos hilap ka abdi,
siang wengi abdi nganti-nganti,
na iraha pasini ngajadi

saliwat
anjeun asa nembongan

ngalangkang,mawa kamelang
kabayang,anjeun imut ngaheureuyan

teu kendat-kendat abdi ngadu'a
ka Gusti nu Maha kawasa
mugia anjeun salamina,
aya dina Rahmat sareng
panangtayungan anjeunNa
lamun pareng
urang patepang deui,

mun pareng
pasini ngajadi,

lamun pareng....,

lamun.,

lamun..,

lamun,,

hanjakal,ngan ukur lamunan,
nu can tangtu,jadi kanyata'n

jalmi laa'if
4...KAMARI
kamari

diparengkeun panggih deui

jeung manehna,nu geulis kawanti_wanti

rindat socana, seseleket kana ati

raray marahmay, endah lir bidadari

kamari

waktu layung ngahibar di jomantara

aya panah, sang pamanah rasa

karasa

geter_geter rasa nu mawa katresna

nganjang kana puseurna dada

netep nanceb kana sajeroning rasa

amparan kahayang ngolebat,
nyipta manisna rasa kacinta

jalmilaaif
<<kembali